Kamis, 17 Desember 2009

... Sanes Kitu Sanes ...

For Those who don’t speak sundanese …kindly find someone who does :)

Mun ceuk urang sunda mah urang teh ayeuna urang keur ateul hate … hahahhaahah. sok naon tah definisina .. ? jadi hate rasana teu pararuguh. keuheul tapi lieur tapi nu pikakeuheul teh teu jelas …(sia teh ngomong naon ateuh win?)

Memang rea pisan kata2 kasundaan nu eweuh hartina di bahasa lain?

Contona :

Ngalenyap … nyaraho teu naon hartina ngalenyap ? jadi kieu, mun maneh naek Niagara2 nu di Dufan .. pas turun seeeeeeeeeetttt … jantung asa geus aya dinu beheung … tah naon basa indonesiana cig ?

Guladig …. mun ningali jelema nu tara mandi, goreng, jeung pokokna mah teu matak maneh hayang ngomong guladig … sok bantuan urang neangan padanan katana?

Aya deui teu … ? sok tambahan….

Urang kuduna bersyukur siah .. boga basa nu aneh .. pasti batur ge boga .. tapi kusabab urang ti lemah cai priangan … jadi nya urang banggana jadi urang sunda.

Urang rek nanya … mun maneh ngomong basa sunda asa kampung teu? soalna rea nu beranggapan mun ngomong sunda teh jadina kampung .. nya memang kampung lah da baheula mah ayana oge kampung euweuh kota (naon deui) aya oge nu pernah nyeletuk "Eh ganteng2 koq ngomong sunda ." Ehhhh ai maneh … mending keneh urang ganteng siah hahhaahha …

Urang jujur we gede di imah nu teu ngomong make basa sunda. ngomongna make basa indonesia … jadi urang ngan sasakali we ngadenge mun bapa urang ngomong jeung dulur2na .. dan diajar basa sunda di sakola teuing kunaon teu nerap di hulu … masing bukuna nu Piwulang basa tea (inget keneh teu ?.. nu meunang pangajaran basa sunda di sakolana) urang kudu diapalkeun … tapi da euweuh nu nerap ka hulu … teuing urang nu bodo teuing tara dipraktekkeun.

Urang jadina mulai ngomong sunda di sakola, mulai SMP lah sigana… walau eta ge teu sering soalna ti SD n SMP ngaromong basa indonesia nu gaul tea geuning .. gue elo …sip!!@ nah mulai SMA tah urang ngarasa eta nikmatna ngomong make basa sunda … asa loma pisan euy ka barudak teh …. jadi di Bandung mah sigana mun SMA … teu paduli maneh asalna lain Sunda oge ngarasa "comfort" mun ngomong make basa Sunda.

Ngan memang basa sunda nu ku barudak ngora dipake teh basa sunda nu kasar. jadi nu lemes teh teu bisa .. jadina mun ngomong ka kolot sieun salah trus tungtungna make basa indonesia….lebar pan … padahal mun ceuk urang kabeh jelema kudu boga identitas budaya. lain jadi chauvinis tapi maneh boga niley2 nu ku maneh dijunjung sebagai budaya.

Contona , urang jelemana resep heureuy jeung rea pisan bobodoran nu memang lucuna ku basa sunda (enya nyaho rea di basa batur ogee..) saeutik conto di handap nu matak seuri …..

Tujuh rupa nu dipahing pisan

- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere nginum ka khotib nu keur hutbah

hahahahhahhahah nah urang paling resep nu ombeh ku cai ngagolak …hahahhaha bayangkeun we ku maneh kumaha rasana hahhaha segerrrrrrrrrrrrr hahahhahahah

ieu deui conto

Basa Lemesna

Ua Sas: "Cik, ari lemesna leungeun naon?"
kang Hendri : "Pananganan"
Ua Sas: "Lemesna suku?"
kang Hendri: "Sampeyan…"
Ua Sas: "Tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?"
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: "Tipung…!!!!"
hahaha…. hahhahahhahahah

Pakai Do…

Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu"
Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu
Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa".

…hahhahahahahahhahahah bodorrrr

Paku Dibungkus

Di toko bahan bangunan
Asep : "Cik punten meser paku sakilo"
Pelayan : "Dibungkus?"
Asep : "Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)"
Pelayan : "&^%*#$

hahahhahahhahhahahahaha. lumayan pan meh hirup teh teu stress pisan .. kuduna aya nya di tiap daerah diayakeun hari Basa daerahna. (nyaho urang ge teu mungkin ….. tapi minimal kumaha carana karasa mun maneh indit ka hiji daerah aya uniqueness ti daerah eta. mun maneh di jakarta jeung bandung kitu2 keneh ngomong jeung suasana-na …. euweuh bedana … jadi lila2 kabeh jelema homogen… boga 1 kabudayaan .. kabudayaan global …. hahahahahaahaha

hakan tah Global! sanes kitu Kang Ibing ?

Apakang20ibing

"Leres Win!" hahahahhaha

Tidak ada komentar:

Posting Komentar